Tatakrama
Urang Sunda
Manusa nyaeta salah sahiji mahluk sosial. Naon anu
di maksad mahluk sosial teh? Mahluk sosial nyaeta mahluk anu dina kahirupan
sapopoena teu tiasa leupas tina mahluk sejenna. Contona hiji manusa pasti aya
pangabutuh ka manusa nu sejen pikeun neruskeun kahirupan sapopoena. Unggal waktu pasti wae urang sararea
ngalakukeun komunikasi, boh dina patepung langsung atanapi dina alat komunikasi
misalna telepon, HP, oge internet. Dina ngalakukeun komunikasi hiji unsur anu
janten media utama nyaeta basa.
Basa
nyaeta kaparigelan anu digaduhan ku manusa pikeun komunikasi jeung manusa
sejenna, tiasa ngagunakeun kecap atawa isyarat awak. Basa kaasup salah sahiji
tatakrama nu aya di urang Sunda. Matak dina Basa Sunda mah aya nu disebat
undak-usuk basa. Undak-usuk basa nyaeta aturan atawa tatakrama dina nyarios
basa Sunda sangkan merenah.
Adat urang Sunda mah katelah ti ngawitan basa,
sopan santun, dugi ka laku lampah oge diperhatoskeun. Contona, nalika
ngalangkung di payuneun jalmi anu langkung kolot pasti wae ngarengkuhkeun awak
bari ngalempengkeun panangan anu katuhu langkung handap tinu kenca, nalika
tuang teu kengeng aya sora, nalika nunjukkeun naon wae diusahakeun ngangge
jempol bari rada ngabongkokeun awak, nalika ngobrol jeung kolot kedah tungkul.
Urang Sunda oge katelah ku amis budi na oge someah. Nalika patepung jeung
batur, pasti wae aya basa “ Neng bade kamana? Linggih heula ka saung, cai-cai
wae mah aya.”
Tapi,
jaman anu ngarobah adat eta. Nonoman Sunda jaman ayeuna mah jauh tina tatakrama
urang Sunda anu amis budi tur someah. Basa sapopoe anu dipake jauh tina
undak-usuk basa oge sopan santun urang Sunda boh ka sasama, ka guru, atawa ka
jalmi anu langkung sepuh ti manehna. Kitu oge laku lampahna, teu ngalangkung
dimana-dimana, teu terang kasaha-saha pasti lempeng bae, laku lampah ka jalmi
anu langkung sepuh disamikeun jiga laku lampah na ka rerencangan sapantaran. Matak
numutkeun kahirupan kolot jaman baheula mah teu aya basa pasea, guntreng oge
sajabana tapi estu rukun, hirup sauyunan, silih asah, silih asih, silih asuh,
jeung tentrem repeh-rapih da kitu tea
aya anu saalit-saalit kasinggung, teu jiga kiwari da basa na teu dijagi anu
kadituna kalah jadi pasea.
Kamana atuh adat eta teh? Saha anu
ngaleungitkeunana? Saha anu salah? Saha anu kedahna ngamumule eta adat
tatakrama urang Sunda teh? Jawabanna uih deui ka nonoman Sunda jaman kiwari. Da
kumaha atuh ayeuna mah nonoman teh leuwih ngarasa gaya lamun ngobrol ngangge
basa Inggris, basa Korea, oge basa Indonesia anu henteu sasuai jeung aturan
misalna lo, gue, bokap, nyokap. Ari
diajar basa Sunda mah sesah cenah, pabaliut, katinggaleun jaman, padahal eta
teh basa anu diturunkeun ku karuhun urang. Salah sahiji sababna matak eta
kaalaman ku urang Sunda nyaeta nalika budaya Barat asup ka budaya urang, urang
salaku pribumi acan siap , acan ngagaduhan mental anu kuat pikeun nyaring eta
budaya.
“Hade gogog, hade tagog” anu hartosna yen
jalmi teh kedah sae dina basa oge dina laku lampah. Tah eta anu kedahna
ditekenkeun ku nonoman Sunda. Nonoman Sunda kedah ngagaduhan hiji prinsip
pikeun terus ngalakukeun laku lampah anu sae, ngamumule adat kabiasaan urang
Sunda anu sae, oge ningkatkeun jeung ngadangdosan citra urang Sunda anu
kapungkur katelah sopan, santun, amis budi tur someah.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar